Sabtu, 18 Juni 2016

KFC VS UDIN

KFC vs UDIN..

Udin: Halow kaépsi?
KFC: Iya, ada yang bisa dibantu?
Udin: Hayamna aya?
KFC: Oya, ada...
Udin: Adukeun yu, jeung hayam urang?
KFC: ... (Telepon ditutup)

☎Telepon Ka-2
Udin: Halow kaépsi?
KFC: Iya...
Udin: Delivery order?
KFC: Betul...
Udin: Dua puluh opat jam?
KFC: Iya...
Udin: Ooooh... kuatan teu saré euy!
KFC: Hadeeuuuh...

☎Telepon Ka-3
Udin: Halow kaépsi?
KFC: Iya...
Udin: Hayam aya?
KFC: Ada.
Udin: Sangu?
KFC: Ada.
Udin: Burger?
KFC: Adaaa...
Udin: Éskrim?
KFC: Adaaa, komplit! (Petugas mulai ngadat)
Udin: Geuning kumplit kénéh? Teu payu nyaaa?
KFC: ... (Telepon ditutup)

☎Telepon Ka-4
Udin: Kaépsi?
KFC: Manéh deui? Rék naon siah?
Udin: Rék pesen atuh, nya geus moal jadi wé ah...
KFC: Oh iya, mau pesan apa?
Udin: Karédok hiji, bajigur hiji...
KFC: Naaa ari manéh (Gubrag! Telepon dibanting)

☎Telepon Ka-5
Udin: Halow kaépsi?
KFC: Pasti manéh deui? Rék naon deui sia téh?? (Bari ngagorowok dina tlp).
Udin: Rék pesen hayam!
KFC: Oh, iya sok... apa lagi?
Udin: Jeung sangu hiji, tapi pisahkeun nya, tong dihijikeun... bisi dipacokan sanguna.
KFC: Woooooiiii! (Telepon ditutup... deui).

☎Telepon Ka-6
Udin: Halow Kaépsi?
KFC: Ada yang bisa dibantu?
Udin: Hayamna aya?
KFC: Iya ada...
Udin: Bawa kadieu, urang rék ngomong kituh!

KFC: Aaarrrggghhh!!! (Telepon di teureuy buleud). Bari ngagorowok......
-Copas-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar